Kamis, 14 Juni 2012

Wilujeng wengi

 Wilujeng wengi

nganti wanci nu mustari,

balebat asa tos caang katinggalna mah

poek mongklengna peuting

baris kaganti ku srangenge panon poe….

mudah-mudahan langit teu angkeub deui…….

mega hideung pasti nyingray ku kakawasaanNa.

Gusti abdi masrahkeun ti luhur sausap rambut

ti handap sausap dampal.

raga…nyawa…Anjeun nu kagungan,

wilujeng wengi jungjunan.

 

Pegat

kacai jadi saleuwi kadarat jadi salogak,

eta teh ngan saukur paribasa gening.

asa taya dangiang hirup,

rumpu rampa kana patincakan

asa moal nyorang bagja,

tapi da kabagjaan mah di papaes ku hate nu jembar,

sanes ku hate nu pinuh ku rasa cangcaya.

lamun rek miang gera bral ngalalakon,

tapi ulah nepi ka ngaganggayong samodel kieu.

 

Naha

asa waas…asa reuwas…

mun ras kabayang deui mangsa katukang,

duka saha nu lepat…

mung nu ecesna mah,

sagala anu kasorang teh teu aya anu ngan ukur teu dihaja.

panginten tos titis tuis ti murbeng ieu alam.

tapi naha ieu kitu pungkasna carita

Anjeun Miang sa acan cita-cita laksana

Selamat Mencoba



Tidak ada komentar:

Posting Komentar