Rabu, 13 Juni 2012

Puisi Sunda

Kungsi..

Malati nu kungsi ngancik na ati
kiwari ngan kari waasna
sanajan hiliwirna angin
mawa seungit nu kungsi ngait

malati kari waasna.....!!!!
 ============================ ^_^ ==========================
 Peuting Ieu....

peuting ieu,
anjeun ngajanggelek na poekna hate
meupeus keuyang rasa nu mancawura
paguliwota na heureutna dada

ambek nyedek tanaga midek
napsu ngagulidag taya liang moncor
antukna ngaguruh nutupan mamaras
tuluy ngilang tanpa laratan
nyesakeun diri nu nyileuk taya karep

tug nepi anjeun nyaangan
mapaesan jemplingna peuting
maturan bari ngelingan
ngajak balik ka na pitrahna

muga pareng isuk jaganing geto....!!!

 ______________________________ \\oo// _____________________________

Hirup

Hirup teh cita-cita
ngudag-ngudag mangsa jeung rasa
Hirup teh tunggara
upama tresna kalid sulaya
Hirup teh seuneu
nu ngaduruk lulurung sukma
Hirup teh ibadah
rela ihlas ngumawula

Hirup teh aci-acining:
Bagja...!!!

========================== //oo\\ ===========================

Ayeuna

Jeujeur harupat tuluy ngipisan
indung suku tuturut peot
awak jadi budak
waragad teu walakaya

geuning teu di kawit teu di pungkas
kokojayan dina lantaran
sebrot hareudang hiliwir angin
ngalengkah numut sarangenge

los kaditu los kadieu
ngarenghap tuluy hah heh hoh
mmm, ngajerit diudag seuri
Nya ayeuna mah ayeuna...!!!

.......................................................... ^^_^^ ............................................................

 bulan ngalimba

sanajan bulan tumunggal
caangna mah bati nu hegar
bangun nu teu ngemu tunggara

sanajan bulan nyorangan
teu risi ngambah sagara peuting
nganti bentang nu baris marengan
nganteur nyorang simpena peuting
nepi ka balebat nyampeur
nyinglarkeun kahieum ati...

--------------------------------------- &&/\&& --------------------------------------

 pileuleuyan

duh rasa..
gulidag nu rosa teu kasubadanan ku diri nu laip

hampura mun anjeun kageurih
ku pucuk harepan nu teu surti
ku diri nu teu daek ngarti
ku rasa nu sumarambah
malidkeun jatining diri .......

\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\\ ^o^_^o^ /////////////////////////////////////////////////////////

 ibun harepan

kamari rundayan katineung rek dipalerkeun
bongan mawa eurih
nu ngageuri kana ati
ngabudalkeun kingkin
jeung rambisakna rasa

tadi,
ku naon salira ngaririhan deui
mawa ibun sanajan sakeclak
nu nyirungan deui katineung
nu ngahaja rek disinglar

duh gamparan,
guligahna rasa
hamo bisa disidem deui..!!

"""""""""""""""""""""""""""""""""""""""""""" ^o^_^o^ """""""""""""""""""""""""""""""""""""""""""""""""
 

Wilujeng Wengi

nganti wanci nu mustari,

balebat asa tos caang katinggalna mah

poek mongklengna peuting

baris kaganti ku srangenge panon poe….

mudah-mudahan langit teu angkeub deui…….

mega hideung pasti nyingray ku kakawasaanNa.

Gusti abdi masrahkeun ti luhur sausap rambut

ti handap sausap dampal.

raga…nyawa…Anjeun nu kagungan,

wilujeng wengi jungjunan.

...................................................... %\/% ................................................

Sumangga nyanggakeun !! bilih bade aya anu nambihan ...!!!

Selamat Mencoba



Tidak ada komentar:

Posting Komentar