Kamis, 14 Juni 2012

PUISI HEUREUY SUNDA

PUISI HEUREUY SUNDA


CAANG BULAN

nyawang bulan di mumunggang caang bulan opat belas………..
langit bengras taya tedeng aling-aling

alam lir ibarat keur suka bungah
bulan moncorong mani buleud
bentang-bentang mapaes endahna langit
endah pisan matak waas ninggalna
naha poe ieu mah langit teh caang
padahal biasana hujan wae tiap poe
kunaon atuh nya….?????
singhoreng di sarang ku mang rasman
sabab poe ieu aya nu hajat.

Saha Nu lepat…………….
manah raheut taya lekasan
sanes hirup mah milari kabagjaan
saha nu lepat……………..
peuting jadi sepi jempling
sanes raos pami aya nu maturan
saha nu lepat…………….
ngalengkah jadi asa ngalayang teu napak
boa-boa aing geus jadi kuntilanak

Pasti Moal..!!

lamun anjeun ninggali kuring duaan
rerendengan sareng wanoja nu langkung geulis
anjeun ngacay moal………pasti moal
lamun anjeun ninggali kuring naek mobil BMW seri anyar
bari duit triliunan dina tas abdi
anjeun ngacay moal……..pasti moal
lamun imah kuring jiga istana kpresidenan di bogor
bari selir gaduh sapuluh gareulis kacida
anjeun ngacay moal…..pasti moal
sabab kuring geus apal kana sifat anjeun
Anjeunmah ngacayna lamun pas sare wungkul

Asa Kacida..!!

teu karasa…….waktu teh
ari ku kasiksa mah
anjeun teu ngarasakeun
pasiksana ieu awak
geus ampir saminggu…..
urang duaan sare teh patonggong-tonggong
omat……cukup saminggu ayeuna wungkul
ulah diteruskeun…ieu raga teu walakaya
naha atuh ngajak sare teh bet patonggong tonggong wae
anjeun hayang nonggongan dipan
nitah kuring nonggongan lalangit


 Caang Bulan

nyawang bulan di mumunggang
caang bulan opat belas………..
langit bengras taya tedeng aling-aling
alam lir ibarat keur suka bungah
bulan moncorong mani buleud
bentang-bentang mapaes endahna langit
endah pisan matak waas ninggalna
naha poe ieu mah langit teh caang
padahal biasana hujan wae tiap poe
kunaon atuh nya….?????
singhoreng di sarang ku mang rasman
sabab poe ieu aya nu hajat.

Selamat Mencoba



Tidak ada komentar:

Posting Komentar